Friday, July 19, 2013

Girimis



Girimis…
Meuntaskeun béntang, peuting neundeun panineungan
Bulan…
Nurut katangtuan, balébat nganteurkeun caang
Neang wanci pangharepan
Moal peunggas ku lamunan

Simpé
Tarajéna haté, langit neuteup ngadeukeutan
Srangéngé
Mendakan poé, beurang muruh leumbur peuting
Leumah mapay rasa héman
Sagara ilang kamelang

Lembur lengkob pamatuhan
Séah dangding meuntas langit
Ngampar jajar kahuripan
Cai nyurupkeun kaasih
Sagara paheut ka leumah
Sumujud pangeusi nagri

Taun cundukeun ka waktu marahbay pageusi nagri
Durugdug munding malati ku kawelas matri asih
Talaga nyurup ka walungan, bagéa dulur baraya

Bumi…
Manjing ka langitan, séah hujan kabagjaan
Adeg…
Gunung satangtungan, susukan panjang harepan
Melak tangkal ajeg leumah
Tungtung waktu teu tinemu


by: Emka-9

No comments:

Post a Comment